Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Bapak guru anu ku simkuring
dipihormat. Teu kalangkung rerencangan sadayana. Langkung ti payun, mangga
urang sami-sami muji syukur ka Gusti Nu Mahaangung, margi mung barokah sareng
rohmat mantenna urang tiasa ruing mumpulung dina kasempatan ieu.
Hadirin sadayana, dina danget ieu sim kuring bade
nepikeun ngenaan watek budaya Sunda. Ari sunda teh asalna tina kecap su anu
hartina alus anu ngabogaan unsur kana kasaean. Watek sunda anu ku simkuring
dipimaksad nyaeta cageur, bageur, singer, jeung pinter
.
.
Harti kecap sunda teh luhur pisan nyaeta gumilang.
Harti kecap eta heuteu ngan dilarapkeun dina panampilan
, tapi aya dina manah urang sunda sadayana. Dina kahirupan urang sunda seueur pisan kabeungharan seni jeung budayana. Salah sahijina nyaeta Tarling. Tarling singketan tina gitar suling, mimiti munculna di wewengkon Cirebon jeung Pantura iawa barat jaman Balanda, taun 1935-an.
, tapi aya dina manah urang sunda sadayana. Dina kahirupan urang sunda seueur pisan kabeungharan seni jeung budayana. Salah sahijina nyaeta Tarling. Tarling singketan tina gitar suling, mimiti munculna di wewengkon Cirebon jeung Pantura iawa barat jaman Balanda, taun 1935-an.
Tarling pepek ku sarupaning kamonesan. Aya seni
sarimpi, jeung tari topeng minangka bubuka acara. Pareng nincak bulan hajatan
teu di desa teu di kota, masarakat rea nu nanggap tarling. Harita tarling
kaitung anu pangpayuna diogan ku nu boga hajat. Mung pangaruh dangdut anu
diwanohkeun dina taun 70-an ngajadikeun tarling direformasi jadi Tarling dangdut.
Beuki dieu tarling klasik kadeseh ku organ tarling anu teu merlukeun modal
gede. Beuki dieu kasenian tarling beuki kadesek ku kasenian modern pangaruh
tina globalisasi, jiga music pop jeung rock. Seni gitar suling atawa tarling
cirebonan anu kungsi dopikaresep kiwari ukur waasna . lagu-lagu taling ngan
ukur kadenge dina kaset . komo sangeus ditinggalkeun ku maestro-maestrona.
Para hadirin sadayana, urang teh keudah ngiring
ngamumule kasenian urang. Kasenian anu jadi kabeungharan urang tong neupi
kageugeus ku kasenian luar anu ngajadikeun urang poho kana kasenian jeung
kakayaan budaya sorangan.
Mung Sakitu wae ti abdi, abdi nyuhunkeun pihapunten ka
sadayana. Pami aya kakirangan sareng kalepatan dina paparan nu ku abdi
jelaskeun, mugi-mugi dina paparan nu ku abdi jelaskeun aya mangfaatna kanggo
sadayana.
Wassalamu'alaikum Wr. Wb.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar