Assalamualaikum Wr. Wb.
Bapak guru anu ku simkuring dipihormat. Teu kalangkung
rerencangan sadayana. Langkung ti payun, mangga urang sami-sami muji syukur ka
Gusti Nu Mahaangung, margi mung barokah sareng rohmat mantenna urang tiasa
ruing mumpulung dina kasempatan ieu.
Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.
Dina ieu
waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang
sadayana. Janten, urang sadaya kedah
atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.
atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.
Dina salah
sahiji hadits diterangkeun...
Inna dhofatu
minal iman
Nu hartosna
: “Kabersihan teh sabagian tina Iman”
Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.
Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.
Para wargi anu mulya.
Cekap sakitu
abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep
saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Wassalammu’alaikum
Wr. Wb.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar