Karya Ami Raksanagara
Geus lima welas taun manéhna papisah jeung nu jadi pupujan haténa. Lima welas taun hirup ngurus budak anu masih laleutik kénéh, lain perkara énténg. Réa pisan gogoda ka manéhna, tapi manéhna teu hayang deui mukakeun lalangsé hirupna. Hirup saperti batur boga salaki. Haténa teu mikeun, pikeun masrahkeun anu dipikacintana ka lalaki séjén. Tita anu kakara tilu taun umurna jeung Dadang anu karék sataun.
Manéhna sorangan teu pisan nyangka, yén lalakon manéhna jeung Tatang ngan ukur nepi ka dinya. Tatang nu geus jadi bapa ti dua anakna, lir anu geus poho kana tanggung-jawab ka nu jadi anak. Nya saenggeus kajadian kieu, Tintin neruskeun nangtungkeun hirupna ku jalan migawé pagawéan naon baé anu katimbang halal. Nepi ka taun 1960 manéhna hirup kikituan. Sarta ti taun ieu manéhna ngarasa nyénghap lantaran Tita geus bisa mantuan manéhna.
Jeung dina taun ieu deuih Tintin dipanggihkeun jeung Darman, lalaki umur opat puluh taun. Tintin sok gulinggasah lamun poé maju ka peuting. Haténa ngeleter, jeung panonna tara daékeun dibawa saré. Mindeng manéhna ngahaja ngadatangkeun gambaran-gambaran Darman, lalaki anu ngagulingkeun haténa. Manéhna ngarasa anéh, lantaran Darman nu anyar datang bisa ngeundeuk-ngeundeuk hirupna anu geus lima welas taun dipertahankeun ku manéhna. Enya, ayeuna manéhna beuki ngarasa yén ka Darman téh neundeun harepan pikeun hirup babarengan.
“Kang Darman, saleresna abdi melak harepan ka Engkang téh supados tiasa sasarengan nohagaan hirup abdi,” kitu omongna, ngomong jeung dirina pribadi dina hiji peuting.
Ayeuna manéhna boga niat rék ngarobah hirupna. Manéhna wani kitu lantaran ngingetkeun manéhna kudu hirup. Tita geus rék misah. Ngan Dadang nu jadi kabeurat haténa. Tapi manéhna geus gilig deuih, rék mukakeun lalangsé anyar bari pinuh ku impian-impian éndah saperti impian-impian manéhna keur parawan. Enya, Tintin wanoja biasa, nu hirupna ditawuran ku singsarwa impian aréndah. Wanoja anu butuh ku tempat panyaluuhan jeung panyalindungan.
“Tilu puluh lima taun, teu kolot teuing pikeun neruskeun hirup dina alam anyar,” kitu pamadeganana ayeuna. Manéhna taluk kana kaayaan haténa. Haténa geus lééh, sarta lawing kana hirup anyar geus teu rékép teuing.
“Kang Darman, saleresna abdi ogé hoyong hirup saperti batur, gaduh panyaluuhan sareng panyalindungan! Ti anjeun abdi ngarepkeun anu kitu téh,” omongna anu kaluar tina haténa.
Poé geus soré. Manéhna ngalantung di buruan ngadagoan Tita jeung Dadang nu teu acan baralik. Kekembangan di buruan keur marangkak. Caricing, teu aya angin. Tintin unggah ka imah. Lalaunan pantona dipeundeutkeun. Tuluy manéhna nyuuh kana panto, sarta leungeunna naleukeum kana panyekelan.
“Kang Darman,” gerentes haténa. Nyuuh kénéh. Tétéjoannana kahalangan ku halimun cipanon. Tuluy ngumpul, karasa haneut ngaliwatan pipi, tuluy maseuhan kabayana pulas gading kembangna coklat laleutik.
Naon saenyana nu dipaké ceurik ku manéhna? Manéhna sorangan teu nyaho naon sababna. Ngan manéhna ngarasa yén hayang aya lalaki anu bakal bisa jadi pamuntangannana.
Sabot manéhna keur kitu, rentang-rentang datang nu dilamun ku manéhna, Tintin ngaleupaskeun panénjona ka nu datang, ti satukangeun gardéng panto nu ipis bodas. Ratug deui haténa, saperti ratugna haté basa papanggih munggaran jeung bapana Tita. Nu leumpang beuki deukeut. Léngkahna anca. Léngkah lalaki opat puluh taun.
Di hareupeun lawang imah Tintin, méngkol. Nu jauh beuki deukeut. Ngan tinggal satengah meter deui tina beungeutna, kahalangan ku kaca jeung gardéng.
Nu datang keketrok. Saenyana ti tadi ogé ngan tinggal muka da teu kungsi dikonci. Harita cipanonna geus saat deui, ngan katara kénéh tapakna ngagalur aripis dina pipina.
“Kang Darman?” omongna satengah teu kadéngé. Manéhna tuluy diuk miheulaan sémah. Darman nuturkeun asup. Diuk pahareup-hareup.
“ieu aya nu modél sugan kaanggo ku Tintin,” omongna. Harita kénéh bungkusan téh dibuka.
“Oh,” omongna. Pibajueun téh dirawu. Brukat héjo ampuh, saperti mulangkeun deui panineungannana kana mangsa babarengan jeung Tatang. Manéhna nyuuh, bari nutupan beungeut.
“Aya naon Tin?” omong Darman. Darman ngarasa héran. Terus nanya. Tibatan némbalan Tintin anggur beuki tambah parna ceurikna. Manéhna nyaluuh nyampay dina leungeun Darman.
Nya ieu kasempetan anu hadé pikeun Darman, ngedalkeun perasaannana anu geus lila ku manéhna dikemu baé. Laluasa pisan manéhna cacarita. Saenggeus leler ceurikna Tintin ngoléséd, tuluy nyusutan cipanon. Bieu Darman geus ngabudalkeun naon-naon anu disidem dina haténa, jeung sagalana ogé geus kaharti ku Tintin. Manéhna ngabébéres buukna ku ramo-ramona. Sedeng ari Darman, ngadago, ngadago jawaban.
Tintin malédogkeun teuteupna ka langit péang kasorénakeun. Ingetannana jauh narawangan kana mangsa anu bakal datang. Darman surti kana naon anu keur dipikiran ku Tintin.
“Tin, entong janten émutan Tita sareng Dadang mah. Keun éta mah tanggung-jawab urang duaan,” omong Darman.
Tintin cicing kénéh. Lalaunan teuteupna eunteup kana panon Darman. Gebyar cahaya némbongan. Pindah deui teuteupna kana potrét barudak.
“Kumaha Tin?” omong Darman. Lalaunan Tintin unggeuk. Ieu hiji kapastian: kapastian yén Tintin geus nincakkeun dampal sukuna ka dunya anyar. Leungeunna ditarik ku Darman. Terus dicekel pageuh pisan.
“Nuhun Tin, nuhun upama parantos aya kapastian mah.”
Lalaunan Tintin unggeuk deui. Bulan di langit geus ngagebur……..
Geus sabulan Tintin saimah jeung Darman, bapa barudak nu anyar datang. Dina bulan katiluna Tita geus aya nu mawa. Kanyaah Darman ka barudak, karasaeun ku barudak. Darman téh héman, tepi ka barudak teu ngarasaeun yén éta téh bapa téréna.
Barudak anu sakitu taun teu nyaho dikanyaah bapa, ayeuna saperti anu keur ngalaman hirup anu gumilang.
Tapi.
Saenggeus kieu mimiti karasa aya héab angin anu ngaguligahkeun haténa. Aya nu datang rék masrahkeun barudak. Cenah anak Darman. Ku kasurtian Tintin, éta nu datang téh balik deui bari teu kanyahoan ku Darman.
Saenggeus kajadian kitu, Tintin jadi teu tengtrem hirupna. Tapi budina tetep marahmay, teu aya riuk-riuk katugenahan.
Manéhna aya percaya aya henteu, naha enya lalaki anu jadi pananggeuhan hirupna ayeuna téh, lalaki anu teu beunang dipercaya? Tapi manéhna tuluy rerencepan maluruh, saha saenyana Darman téh.
Satengah taun lilana babarengan jeung Darman, teu aya hal anu matak nyurigakeun haténa. Darman tetep sabiasa, héman ka manéhna jeung ka anakna. Tapi dina bulan kasapuluh, manéhna nyaho sorangan, yén lain ngan manéhna hungkul nu jadi pamajikan Darman téh.
Manéhna jadi ngarasa risi hirupna. Jeung beuki kacida tagiwurna saenggeus Darman ditahan. Manéhna teu bisa cacarita nanaon ka salakina. Manéhna ngan ukur bisa ngarangkul jeung ceungceurikan.
Darman ogé merebes cipanonna. Manéhna ngarasa, yén wanoja saperti Tintin anu ditéangan ku manéhna, wanoja anu pinuh ku kasurtian. Manéhna ngarasa elat rék tobat. Jeung Tintin manéhna boga niat rék hirup bener. Tapi katalédoran manéhna dina waktu nu geus kaliwat, saperti rék mawa goréng ka Tintin. Manéhna ogé teu bisa nyarita nanaon ka pamajikannana, biwirna saukur kaduga nyebut ngaran pamajikannana anu dipikadeudeuh, Tintin.
Tintin bangun anu kanyenyerian ceurikna, saenggeus nyaho yén salakina ngajalankeun kasalahan anu matak ngarugikeun nagara. Tilu taun kudu cicing di panjara. Tilu taun, lain sakeudeung pikeun ngabélaan hirup. Hartina manéhna kudu nandonkeun deui jiwaragana pikeun nangtungkeun deui hirupna anu geus rubuh.
Reup peuting, reup peuting, beuki keueung karasana ku Tintin. Manéhna kudu jurit deui. Manéhna nyieun kaputusan.
“Henteu, henteu, aing lain jalma kejem. Tapi upama aing misah ti manéhna, lantaran nyaah. Nyaah ka manéhna, jeung………….. Dadang hirupna kudu salamet, kudu salamet”.
Saenggeus kurang-leuwih genep bulan manéhna ditinggalkeun ku Darman, kakara manéhna nyaritakeun pamaksudannana ka salakina. Lebah dieu, Darman ogé ngarti. Cipanonna murubut.
“Tin, mangga teuing Engkang tumut kana kapalay Tintin. Jung geura angkat sareng Dadang. Keun, keun Engkang mah buang heula tina émutan. Dido’akeun ku Engkang sing saralamet………”
Darman ceurik. Tintin nampa salam bar surat di panjara. Harita geus teu bisa nyarita nanaon deui. Ngan dina rék jung indit kungsi malik deui nyelukan nu jadi jungjunan haténa.
“Kang Darman,……” omongna lalaunan.
“Tintin,……”, omong Darman ngegeter sorana.
Tintin lir anu arék ngarangkul, tapi ngarandeg. Sampoyong baé ngarangkul Dadang, bari dihujanan cipanon. Tuluy kaluar.
Kadéngé panto panjara ngagonjrang, tuluy lingkup. Dituturkeun ku sora lalaki anu nyegruk pinuh ku karumasaan. Manéhna enya rék tobat. Manéhna ayeuna yakin, teu aya elatna pikeun hirup bener. Jeung manéhna nénjo cahaya anu nungtun kana jalan bener. Haténa beuki lééh, inget ka hiji tempat anu linduk tempat manéhna ngaub. Manéhna inget kana nasib anu tumiba ka jalma anu pohara dipikadeudeuhna, Tintin.
Lalaunan manéhna ngaluarkeun lokétna. Tintin, Dadang, Tita, jeung manéhna ngajéngjréng dariuk di buruan imahna. Pohara tengtremna.
Manéhna hayang sakali deui neuteup Tintin jeung Dadang. Tapi panto anu cétna hideung geus nutup ti tatadi. Dina sasirih langit anu témbong ti panjara, katénjo aya japati sabubuhan keur hiber kakalayangan……***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar