Diserat ku: Alam Lestari
Kuring gé
saleresna mah rada teu ngartos kana bubuka dina carpon ieu. Mimitina kuring téh
ngirana nu bakal jadi tokoh utamana Tatang jeung Tintin, soalna asa teu jéntré
ogé kitu diawal téh ngarahkeun tokoh utamana. Tuluy, kuring ogé sempet ngira
lamun Tati jeung Dadang téh anakna Darman jeung Tintin. Padahal sanés. Lantaran
kuring geus maca carpon ieu dua kali balik, sugan téh alur caritana mundur, pék
téh maju geningan. Kuring ogé sempet gagal paham ngenaan latar tempatna. Jeung
kuring ogé masih bingung judul “Surat Ti Jero Panjara” téh disangka kuring mah
nyaritakeun hiji surat nu diserat ti jero panjara ku salah sahiji tokoh.
Carpon
“Surat ti Jero Panjara” karya Ami Raksanagara ieu boga carita anu campur aduk.
Aya perasaan bingah, bingung, jeung sedih. Ami nyieun tokoh utama Tintin
saperti wanoja anu kacida kuatna, kuat tina sagala cobian nu aya. Utamina kuat
tina nahan kanyerian haténa. Tapi kituna Tintin, nu parantos ditinggalkeun ku
Tatang lantaran eweuh tanggung-jawabna nu geus lima welas taun mimitina alim mukakeun
haténa keur lalaki séjén. Tapi beuki kadieu ahirna daékeun saeutik-saeutik
mukakeun haténa keur batur. Tidieu simkuring nilai Tintin téh boga sipat setia
ogé.
Mémang
aya tekanan mental ka Tintin anu hoyongeun deui boga salaki, boga niat rék
ngarobah hirupna téa. Béh bisa hirup jiga batur nu boga panyaluuhan jeung
panyalindungan. Ahirna tidieu Darman datang pikeun méré baju ka Tintin sakalian
naroskeun kapastian Tintin nampi Kang Darman pikeun salakina. Ahirna Tintin
nampi. Walau saleresna Tintin rada teu téga ka barudakna nu geus garedé. Sabab
pasti émut ogé ka Tatang, pikeun bapa ti barudakna. Salila Tintin saimah jeung
Darman, émang teu aya masalah, malahan Tintin sareng Darman silih dipikanyaah.
Ngan dina hiji wanci, aya hiji jalma anu ngajajap budakna Darman. Lila-lila,
kanyahoan yén Darman téh boga pamajikan salian ti Tintin.
Dina
karya ieu, Ami nyieun alur carita anu dramatis, sareng ahiranna sedih. Ami
ngaliwatan karakter Tintin hoyong ngagamberkeun tokoh wanoja anu kuat diterpa
cobian. Tina ngurus budak (Tati jeung Dadang) anu lain perkara énténg. Ami
hoyong nepikeun pesan, yén mun aya istri anu geus dikantun salakina, tuluy kudu
ngurus budak dua éta téh kacida beuratna. Tina carpon ieu gé, katingali pisan
lamun karakter Tintin téh tipe jalma anu setia, tipe pamajikan nu nyaaheun boh
ka salakina anu lila atawa ka Tati jeung Dadang pikeun budakna ti Tatang jeung
Tintin.
Ami ogé
nyieun karakter Darman saperti lalaki anu gedé wadulna jeung boga ogé sipat
katutup. Contona tina carita anu ngajelaskeun aya jalma anu keur ngajajap budak
Darman, kabar éta nepi ka cepil Tintin. Tapi tidinya, Tintin antara percaya
jeung teu percaya. Tuluy Darman ogé nyumputkeun saha saenyana diri manéhna ti
Tintin. Jadi didieu téh kesanna, Darman téh henteu terbuka sapinuhna ka Tintin.
Tungtungna pas Tintin apal mun Darman téh boga pamajikan lain, tidieu Tintin
kanyerieun haténa. Padahal Tintin téh sakitu ogé setia pisan ka Darman.
Ami téh
sukses ogé kitu nyieun ieu carpon jadi dramatis. Soalna awal prolog langsung dicaritakeun
situasi kulawarga Tintin anu sedih. Tuluy ditengah carita suasana jeung situasi
kulawarga Tintin jadi bingah sabab geus aya Darman anu geus sah jadi salaki
Tintin, palaputra Tintin ogé teu rumasa
Darman téh bapa téréna. Jeung di ahir carita suasanana jadi sedih deui, Tintin
jeung Darman ceurik kudu pisah sabab Darman dipanjara. Walau saleresna henteu
dicaritakeun ogé alasan kunaon Darman asup ka jero panjara. Ieu ogé jadi salah
sahiji kritik kanggo carpon karya Ami.
Secara
alur waktu carita Ami teu jéntré nyaritakeun transisi waktu ka waktuna. Salah
sahiji contona nalika yuswa Tati anu masih tilu taun sareng Dadang nu masih
sataun ujug-ujug geus gedé deui, teu aya keterangan sabaraha lila nu jadi time
skip-na. Margi ieu jadi bingung ka simkuring anu masih nerka-nerka nalika
aya Darman nu ka imah Tintin sateuacan nikah, nah didinya pan Tati indit ti
imah téh dina yuswa anu sabaraha? Jadina teu apal. Transisi waktuna ngan
dicaritakeun pas Tintin jeung Darman geus nikah.
Uih deui
ka toko Kang Darman. Pikeun simkuring, Darman téh masih misterius. Dina
caritana waé Tintin pikeun tokoh nu jadi pamajikan Darman henteu loba nyaho
ngenaan Darman. Komo simkuring pikeun pembaca carpon Ami ieu. Nah, didieu
kuring ngarasa tokoh Darman téh perlu dibongkar ogé dina carpon lajengannana.
Sabab nepi ka ayeuna teu dicaritakeun saha pamajikan Darman sateu acan Tintin,
saha putra Darman anu teu sempet disebut namina, jeung tindak pidana naon anu
dilakonan Darman salila hirupna anu nepikeun Darman asup panjara lantaran ngarugikeun
nagara.
Tina hal
di luhur éta, sim kuring rumasa kudu aya carpon lanjutan kanggo carpon Surat ti
Jero Panjara ieu. Sabab lumajeng seru ogé maca ieu carpon, walau bingung alur
caritana tapi aya “sensasi reuwas” nalika macana. Hésé ditebak ogé alur caritana,
meureun éta alasan anu nyieun sim kuring bingung kana alurna.
Dina ahir
carita lumajeng sedih nalika Darman asup panjara. Ami pikeun pangarang ieu
carpon meni ngaperhatikeun pisan sagala unsur situasi jeung kondisi panjara,
ogé emosional para tokoh. Sadayana dijieun ku Ami jadi dramatis, tina ayana
unsur sora Langkah sapatu lalaki, sora panto jeruji besi anu berdecit, suasana
anu kabayang pisan sedihna. Tokoh Tintin anu masih nyimpen harepan ka Darman,
ogé Darman ka Tintin. Bari duanana careurik. Darman nu muka lokétna tuluy
manggihan poto sasarengan (Darman, Tintin, Tati, jeung Dadang). Kacida pisan
sedihna ieu carita. Jeung nu paling sedih pas bagian Darman hoyonh meluk Dadang
jeung Tintin ngan teu tiasa da geus di jero panjara. Terakhir, aya ogé unsur
cahaya jeung manuk japati anu seolah-olah bakal aya kahirupan anu langkung saé
keur Darman jeung Tintin.
Mung
sakitu anu tiasa simkuring tanggapi, kirang-langkungna neda dihapunten.
Haturnuhun.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar