Diserat
ku:
Alam Lestari
Bandung, 04 Nopember 2020 M.
Dewan Perwakilan Rakyat Republik Indonésia atanapi DPR RI parantos ngaresmikeun hiji konstitusi nu kontroversial nyaéta ‘undang-undang omnibus law cipta lapangan kerja’ dina kaping 05 Oktober 2020. UU Omnibus Law Cilaka (Cipta Lapangan Kerja) ieu téh mangrupa undang-undang anu baris ngadukung kagiatan investasi di Indonésia. Dina ayana ieu undang-undang, jéntré pisan tina pamaksadannana yén pamaréntah téh baris masihan karpét beureum ka para invéstor nu badé melakan modalna di Indonésia.
Aya sababaraha alesan pamaréntah ngaresmikeun ieu UU Cilaka téh, salah sahijina masihan jalan pikeun para invéstor ngawangun perusahaanna. Kumargi, salami ieu saur pamaréntah mah prosedur pikeun ngadamel ijin usaha téh pabeulit atanapi tumpang tindih sapertos regulasi birokrasi pusat sareng daérah. Tah, pamaréntah gaduh niat hoyong ngagampilkeun sagala rupi kagiatan investasi/bisnis ti para konglomerat dina hiji jalan ngaresmikeun ieu undang-undang omnibus law cilaka téa.
Ku resmina ieu UU Omnibus Law téh tangtuna baris aya dampak positif
sareng négatif. Dampak positifna, para invéstor dipasihan kabebasan
ngajalankeun bisnisna. Sagala prosedur/peraturan birokrasi nu dianggap
ngahésékeun invéstor dina kagiatan melakan modal éta baris dileungitkeun. Contona
nyaéta, izin lingkungan baris dileungkitkeun, sanksi pidana keur palanggaran
administrasi ogé dileungitkeun, sareng diwatesanna papacangan masarakat.[1]
Padahal masarakat ogé ngarumasakeun dampak tina ayana invéstasi éta, pék téh
ngarugikeun masarakat sakitar.
Dampak positifna jéntré pisan, anu ngarumasakeun sareng diuntungkeun didieu nyaéta para invéstor. Tuluy aya ogé dampak négatifna, ayeuna saha nu rumasa dirugikeun sareng naon waé dampak négatifna téh? Nu dirugikeun nyaéta buruh, patani, pamayang, difabel, masarakat adat, wanoja, murangkalih, kelompok minoritas kayakinan/iman, gender, sareng seksual. Omnibus Law téh nyieun malarat/sangsara jalma-jalma bieu nu parantos abdi sebatkeun. Abdi ayeuna baris nyebatkeun naon waé dampak negatif tina ieu undang-undang, sakumaha kieu.
Kahiji, ngaruksak alam sareng ngarampas rohang hirup rahayat. ayana UU Omnibus Cilaka ieu janten alat kanggo ngalegitimasi ngaruksak alam sapertos ngababad leuweung adat, leuweung lindung, cagar alam, jeung sajabana. Dina sateuacan disahkeunna ieu konstitusi, atos seueur pisan masarakat adat, flora sareng fauna anu kagusur tina leuweung adatna, tina habitat aslina. Padahal leuweung ieu téh penting pisan kanggo ngajagi ekosistim nu aya, tuluy ayeuna kalayan disahkeunna ieu Omnibus Law nyieun langkung parah situasi-kondisi leuweung nu aya di Indonésia. Jéntré pisan, UU Omnibus Law téh henteu ékologis.
Kadua, ayana poténsi PHK massal jeung mingkin parahna kondisi gawé. Sapanjang taun, asosiasi bank dunya neken tuluy kana turunna sareng dihapuskeunna pesangon buruh. Tuluy pamaréntah nurutkeun kahoyong éta ku ngajantenkeun mangpaat BPJS Ketenagakerjaan pikeun bagian tina kompensasi PHK. Hartosna, buruh anu ngiring naur BPJS Ketenagakerjaan téh sami waé masihan ongkos PHK keur dirina sorangan anu baris nimpa maranéhna dina hiji waktos. Hal ieu mangrupa akal-akalan pamaréntah sareng pangusaha. Ku kituna ogé, mingkin gampil pangusaha mecat buruh/pagawéna, ngaleungitkeun jaminan gawé (job security) para buruh. Jéntré, hal ieu nyieun parah kondisi gawé buruh.
Katilu, nerapkeun perbudakan modern ngalangkungan sistim fleksibilitas pagawé mangrupa legislasi upah dihandapeun minimum, upah per jam, sareng ngalegaan gawé kontrak-outsourcing. usaha pamaréntah kanggo ngarévisi Undang-undang No. 13 Taun 2003 ngeunaan ketenagakerjaan tos cobi dilakukeun ti taun 2006, ngan digagalkeun waé ku gerakan buruh. Ahirna, ngalangkungan diresmikeunna UU Omnibus Cilaka ieu, undang-undang nu sateuacanna otomatis tiasa karevisi.[2] Sistim fleksibilitas pagawé anu diandalkeun ku pamaréntah, asosiasi pangusaha, sareng bank dunya mangrupa fitur klaster ketenagakerjaan UU Cilaka nu baris dihontal dina kagampilan rekrutmen sareng PHK. Engkéna, para buruh baris dipasihan upah samirah-mirahna kalayan étangan upah per jam sareng dilegalkeunna pamayaran upah dihandapeun standar minimum, sareng henteu jelasna status gawé liwat outsourcing tur kontrak gawé nu teu kawatesanna dina waktos.
Kaopat, ngadamel orientasi sistim pendidikan keur nyiptakeun pagawé mirah. Siwa sareng mahasiswa nu keur calik di bangku sakola sareng paguron luhur ogé janten sasaran pikeun kapentingan kapital nu dicandak ku UU Cilaka ieu. Di Indonésia, unggal taunna entragan gawé anyar mingkin seueur kalayan lulusan-lulusan bangku sakola sareng paguron luhur nu janten tempat ngawangun pagawé kadidik. Guna ngalancarkeun ieu léngkah, Mendikbud Nadiem Makarim masihan fasilitas keur nyiptakeun pagawé pikeun industri ngalangkungan gagasan ‘Kampus Merdeka’. sistim pendidikan ‘Kampus Merdeka’ diciptakeun supados lulusan tiasa nyaluyukeun pangabutuh industri.
Kalima, sentralisme kewenangan nyaéta
kawijakan nu ditarik ku pamaréntah pusat nu ngaruksak sumanget reformasi sareng
demokrasi. Rencana
pamaréntah keur ngalihkeun sadaya kewenangan perizinan ka pamaréntah pusat dina
UU Cilaka ieu teu saluyu kalayan sumanget otonomi daérah pikeun produk
reformasi. Sababaraha kewenangan daérah nu baris ditarik ka pusat diantawisna: kahiji,
UU Cilaka baris narik kewenangan pamaréntah provinsi dina ngelola
mineral jeung batu bara, kaasup kewenangan medalkeun peraturan daérah sareng
medalkeun izin. Bénten deui kalayan UU No. 23 Taun 2014 ngeunaan pamaréntah
daérah, nu parantos ngadélégasikeun kewenangan éta ka Pémda. Kadua,
sentralisasi perizinan ngagaduhan implikasi pikeun ngajauhkeun
palayanan public, sareng masarakat kadampak janten hésé nepikeun aspirasina.[3]
Kagenep, aya celah kanggo korupsi mingkin ageung hasil tina mekanisme pangawasan nu diheureut sareng panyabutan hak gugat ku rahayat. UU Cilaka janten celah pikeun koruptor margi nu diakomodasi téh kapentingan oligarki hungkul. Kapentingan ieu pinuh ku penyelewengan perizinan-perizinan usaha nu ngadampak kana lingkungan hirup. Peraturan pamaréntah No. 24 Taun 2018 ngeunaan ‘Palayanan Perizinan Berusaha Terintegrasi secara Elektronik’ dipeunteun gagal nutupan poténsi KKN. Salami ieu pamaréntah pusat nganggep peraturan anyar éta henteu dijalankeun sacara optimal, kumargi ayana tumpang tindih peraturan/perizinan antawis pusat sareng daérah. Ayeuna kalayan UU Cilaka ieu, pamaréntah baris ngarevisi undang-undang nu tumpang tindih éta nu dianggap ngahésékeun para invéstor. Janten, baris aya pamangkasan izin-izin éta. Nah, hal ieu nu baris nyieun koruptor janten merajalela sareng lingkunga hirup mingkin ruksak.
Genep poin anu ku abdi sebatkeun nyaéta dampak négatif ku ayana UU Omnibus Law Cilaka ieu, mereun masih kénéh seu’eur dampak négatif anu teu ka tulis. Sajaba ti éta, Omnibus Law Cilaka ogé dipeunteun baris ngalanggar hak asasi manusa. Hal ieu diala numutkeun inpormasi pers Amnesty Internasional dina sasih Agustus 2020, pamaréntah sareng DPR RI kedah ngakaji ulang ogé ngarévisi sajumlah pasal nu masalah dina UU Omnibus Law Cilaka ieu.[4] Amnesty ngameunteun UU Cilaka, boh prosés législatif boh substansina, ngagaduhan poténsi ngalanggar HAM sareng gaduh kontradiksi kalayan kawajiban internasional Indonésia keur ngajagi HAM, khususna patali hak keur gawé sareng hak di tempat gawé.
Amnesty gaduh pendapat, dina substansi, UU Cilaka teu saluyu kalayan
standar HAM internasional. UU éta tiasa ngarampas hak-hak pagawé, dina kaayaan
gawé nu adil sareng pikaresepeun nu dijamin dina pasal 7 Kovenan Internasional
ngeunaan hak ekonomi, sosial, sareng budaya. Kondisi éta kaasup upah anu adil,
upah nu sami keur beban gawé nu sami ogé, lingkungan gawé nu aman sareng séhat,
watesan jam gawé nu wajar, ngajagi pikeun pagawé salami sareng saatos jaman
kakandungan, sareng perlakuan nu sami dina lingkungan gawé.
Aya ogé kawijakan nu tiasa nyieun buruh keur gawé langkung lami, kalayan nambihan tenggat waktos lembur tina tilu jam per-dinten siga nu ditangtoskeun ku UU Ketenagakerjaan, janten opat jam per-dinten, ogé tina 14 jam janten 18 jam per-minggon. UU ieu ogé ngatur yén kanggo sektor tertentu, perusahaan baris dipasihan kabebasan keur nyieun skema nyalira patali étangan jumlah kompensasi lembur.
UU Cilaka ieu ogé, dipeunteun ngarugikeun pagawé, kumargi ngahapus sababaraha wangun cuti mayar, kaasup cuti haid, cuti pribadi, cuti ngalahirkeun, cuti dinten agung kaagamaan. Salami ieu, jenis-jenis éta cuti mangrupa cuti tambihan di luar jatah cuti taunan 12 dinten.
Sementawis, dina proses nyusunna ieu UU Cilaka, DPR RI henteu transparan sareng henteu kabuka. Pamaréntah ngaklaim, yén parantos ngalibatkeun 14 sarékat buruh salaku bagian tina prosés konsultasi publik. Nanging, 14 sarékat buruh éta téh ngabantah klaim pamaréntah yén maranéhna tara dilibatkeun ti saprak mimiti prosés panyusunan.
Presiden Jokowi resmi neken UU Omnibus Law Cilaka janten UU No. 11 Taun 2020, ti saprak 02 Nopember 2020.[5] Eusi tina UU Omnibus Law téh nyaéta 1.187 kaca éta janten undang saatos disahkeun di sidang paripurna DPR RI kaping 05 Oktober 2020. Ngaca tina masalah ieu, pamaréntah téh henteu ngadangukeun naon waé anu janten aspirasi rahayat. Padahal ti saprak kaping 06, 07, 08 Oktober 2020 dugi ka dinten ieu abdi nulis, seu’eur tina masarakat kelas handap anu nolak UU Omnibus Law Cilaka téh. Kumargi masarakat sadar, yén ieu undang-undang baris ngarugikeun masarakat Indonésia engkéna. Seu’eur pisan dampak négatifna, dibanding positifna. Atuh da, ari dampak positifna mah nu baris ngarumasakeunna ogé para konglomerat hungkul.
Ayeuna ka ciri pisan upami pamaréntah pusat sareng Dewan Pengkhianat
Rahayat langkung mihak para investor dibanding rahayatna sorangan. Buktosna,
DPR RI cicing-cicing nyusun ieu undang-undang tengah wengi, tuluy sabari
susurumputan di hotél. Ari rahayat nu keur demo henteu pisan didangukeun, nu
aya malah direpresi ku pihak aparat. Rahayat Indonésia téh dianggap naon ku
pamaréntah téh? Pamaréntah bageur ka rahayat ngan di pemilu hungkul, ari
giliran tos réngsé mah siga kambing congé. Hoyongna téh rahayat kudu matuh ka
pamaréntah, tapi pamaréntahna sorangan nutup cepil ka rahayatna. Asa teu
dihargaan di nagara sorangan. Peurihhh aing mah kéhéd nyeuri hate!!!!!
[1] https://nasional.kompas.com/read/2020/01/30/14565801/aktivis-ungkap-12-alasan-mengapa-menolak-ruu-omnibus-law?page=all. Kaping 04 Nopember 2020. Tabuh 10.50
wib.
[2] https://igj.or.id/wp-content/uploads/2020/01/12-ALASAN-MENOLAK-OMNIBUS-LAW-RUU-CILAKA.pdf. Kaping 04 Nopember 2020. Tabuh 11.50
wib.
[3]
Ibid.
[4] https://tirto.id/kenapa-ruu-cipta-kerja-ditolak-dan-rencana-demo-omnibus-law-f5zX. Kaping 04 Nopember 2020. Tabuh 21.30
wib.
[5] https://tirto.id/jokowi-teken-omnibus-law-uu-cipta-kerja-jadi-uu-nomor-11-tahun-2020-f6yT. Kaping 04 Nopember 2020. Tabuh 22.40
wib.
kritik dan saran saya persilahkan untuk para pembaca, terimkasih. :)
BalasHapus